وَلَنَبْلُوَنَّكُمْ
بِشَيْءٍ مِنَ الْخَوْفِ وَالْجُوعِ وَنَقْصٍ مِنَ الْأَمْوَالِ وَالْأَنْفُسِ
وَالثَّمَرَاتِ وَبَشِّرِ الصَّابِرِينَ (١٥٥) الَّذِينَ إِذَا أَصَابَتْهُمْ
مُصِيبَةٌ قَالُوا إِنَّا لِلَّهِ وَإِنَّا إِلَيْهِ رَاجِعُونَ (١٥٦) (البقرة: ١٥٥-١٥٦)
Dina Salah Sawios Dawuhan Kanjeng Nabi Saw. Nyebatkeun:
سيأتى على امتى زمان يحبون الخمس وينسون الخمس يحبون الدنيا
وينسون الآخرة يحبون الحيوة وينسون الموت يحبون القصور وينسون القبور يحبون المال
وينسون الحساب يحبون الخلق وينسون الخالق
Bakal datang hiji jaman ka umat kami, dimana aranjeun na mikacinta 5 perkara sareng mohokeun kana 5 perkara; anu kahiji: aranjeun
na mikacinta dunia sareng
mohokeun
akhirat, kadua:
aranjeun na mikacinta hirup sareng mohokeun maot, katilu: aranjeun mikacinta bangunan-bangunan mewah jeung mohokeun kuburan, kaopat aranjeun na mikacinta kana harta jeung mohokeun hisaban, kalima aranjeun na mikacinta ka makhluk jeung mohokeun anu nyiptakeunana.
Dina nalika urang merhatoskeun jaman anu
sakumaha disabdakeun ku kanjeng nabi ieu nyaeta masa ayeuna anu ku urang
kabuktoskeun, margi lima kriteria ieu parantos ku urang kasakseni di jaman
ayeuna.
Milarian Kanikmatan dunia memang teu aya
larangan di islam, bahkan diparentahkeun ku allah swt. Nanging hal ieu priyogi
ku urang diimbangi pikeun bekel kahirupan urang jaga di akherat. Sareng henteu
kaluar tina ketentuan anu di syariatkeun ku agama islam. Margi kanikmatan hirup
di dunia ngan saukur sementara sedengkeun kanikmatan anu abadi nyaeta
kanikmatan surga diakhirat. Sakumaha allah swt. Ngadawuh dina al-qur’an:
وللاخرة
خير لك من الاولى
“Sungguh akhirat itu lebih baik
bagimu dan lebih utama dibandingkan dengan dunia.”
Setiap makhluk anu bernyawa termasuk manusa pasti bakal maot, bakal ngantunkeun ieu alam pawenangan, nanging sok sanaos manusa yakin ku kedatangna maot tapi masih keneh seeur jalmi anu mohokeunanan, padahal anjeunna sering ningali peristiwa jalmi-jalmi anu maot tapi saalit pisan anu ngajantenkeun pelajaran. Sahingga anjeuna dina nalika tos ngantunkeun alam dunia lebet kana alam kubur bakal ngaraos hanjakal dugi ka anjeuna ngadoa: ………… ya allah ya robb cik pangbalikeun abdi ka alam dunia, tangtos kami bakal jadi jalmi anu resep sodakoh jeung bakal jadi termasuk golongan jalmi-jalmi anu soleh. Namung permohonan sareng kahanjakalanna teuaya artina dipandangan allah.
Hadirin Kaum Muslimin Rahimakumullah
Anu katilu يحبون القصور وينسون القبور Mikacinta bangunan-bangunan mewah jeung mohokeun kuburan.
Dina waktos ieu seeur jalmi-jalmi
anu berlomba-lomba ngabangun bumi anu serba mewah, aranjeunna semangat bahkan
rela ngaluarkeun biaya anu ageung, nanging aranjeunna poho ngabangun bumina
kanggo engke di akherat, poho ngabangun bumina di kuburan, sehingga nalika
anjeunna ngantunkeun alam pawenangan ieu teuaya tempat anu nyaman pikeun
anjeuna, margi teupernah ngabangun bumi
kanggo akhiratna dina nalika hirup di alam dunia, aranjeuana mohokeun ibadah ka
allah tur padahal sadaya amal kasaeanna mangrupikeun bahan bangunan pikeun ngadirikeun
bumi anu megah nyaeta di alam kubur terutami kengingna surga allah swt.
Pada dasarna Manusa memang kacida
resepna kana harta, namung teukenging dugi ka mikaresepna urang kana harta
pohobahwa harta eta teh bakal di hisab. Hisab mangrupikeun penghitungan sareng
pertarosan timana urang kengingna harta sareng kamanakeun harta eta urang
gunakeun. Dina nalika pertarosan oeu diwaler kalayan sae cara kenging sareng
ngagunakeunanan oge tiasa dipertanggungjawabkeun dihadapan allah, maka harta ata
bakal ngajantenkeun pitulung kengingna kabagjaan. Namung dina nalika harta eta
dihasikeun na tina jalan anu diharamkeun ku allah, maka harta eta bakal
ngajankeunkeun kacilakaan oge kasangsaraan. Kitu oge dina nalika harta anu
dikengingkeun tida jalan anu halal namung
digunakeunna pikeun sesuatu anu dimurkai Allah maka eta oge bakal ngajantenkeun
sengsara sareng celaka.
Anu Kalima يحبون الخلق وينسون الخالق mikacinta ka makhluk jeung mohokeun anu nyiptakeunana.
Sayaktosna naon anu disabdakeun ku
kanjeng rasulullah saw. Nyaeta nyaeta leres kabuktosan ku urang sadayana, dizaman
ayeuna manusa kaseseeuranna mung mikacina ka makhluk sareng poho kanu
nyiptakeunana, manusa teuningali tanda-tanda kaagungan allah kusabab katutupan
ku hawa nafsu dunia anu dihiasi ku mahluk. sahingga teuheran terjadi bencana
dimana-mana margi ku cara kitu allah bakal ngajantenkeun manusa inget ka anu
nyiptakeunana. Ku dipaparinana manusa kemewahan sareng kabagjaan ngajantenkeun
teu eling na ka allah swt., sahingga dina kemewahan sareng kabagjaan eta Allah nurunkeun
bencana supaya eling oge ningkatkeun kaimanan sareng katakwaan ka allah swt. Dina nalika hiji daerah teu aya majlis zikir,
majlis ilmu sareng seeurna jalmi anu ngaramekeun masjid maka teu mustahil
bencana bakal turun. Kumargi sakitu mangga urang sadaya ramekeun majlis majlis
zikir, majlis-majlis ilmu sabab Allah akan nurunkeun rahmat sareng cintana ka
hambana anu sok nyeeurkeun dzikir oge takorub ka allah swt.








0 Komentar