Bulan rojab merupakan bulan yang dimuliakan dalam Islam, artikel khutbah yang berbahasa Sunda ini mungkin cocok untuk di telaah dan di aplikasikan pada kutbah Ju'mat di bulan rojab.
KHUTBAH I
الحَمْدُ لِلهِ الَّذِيْ خَلَقَ الزّمَانَ وَفَضَّلَ بَعْضَهُ عَلَى بَعْضٍ فَخَصَّ بَعْضُ الشُّهُوْرِ وَالأَيَّامِ وَالَليَالِي بِمَزَايَا وَفَضَائِلَ، يُعَظَّمُ فِيْهَا الأَجْرُ والحَسَنَاتُ.
أَشْهَدُ أَنْ لاَ إِلَهَ إِلاَّ اللهُ وَحْدَهُ لاَ شَرِيْكَ لَهُ وَأَشْهَدُ أَنَّ سَيِّدَنا مُحَمَّدًا عَبْدُهُ وَرَسُوْلُهُ الدَّاعِى بِقَوْلِهِ وَفِعْلِهِ إِلَى الرَّشَادِ.
اللّهُمَّ صَلِّ وَسَلِّمْ علَى عَبْدِكَ وَرَسُوْلِكَ مُحَمّدٍ وَعَلَى آلِه وأصْحَابِهِ هُدَاةِ الأَنَامِ في أَنْحَاءِ البِلاَدِ.-- أمَّا بعْدُ،--
فيَا أَيُّهَا النَّاسُ، اتَّقُوا اللهَ، 2× تَعَالَى بِفِعْلِ الطَّاعَاتِ،
فَقَدْ قَالَ اللهُ تَعَالىَ فِي كِتَابِهِ الْكَرِيْمِ:
اِنَّ عِدَّةَ الشُّهُوْرِ عِنْدَ اللّٰهِ اثْنَا عَشَرَ شَهْرًا فِيْ كِتٰبِ اللّٰهِ يَوْمَ خَلَقَ السَّمٰوٰتِ وَالْاَرْضَ مِنْهَآ اَرْبَعَةٌ حُرُمٌ ۗ...
Jamaah shalat Jumat hadâkumullah
Henteu karaos nyerelekna waktos, ayeuna urang tos lebet deui kana sasih Rojab, sasih anu hurum/di hurmat, dina tahun 1443 hijriyah, duka kulantaran di sibukeun ku karepot atawa kulantaran kirang kabarokahan dina berjalan na waktos urang sewang-sewang, ayeuna perjalanan waktos bet asa karaos beuki nga-gancangan, tiba-tiba wae urang tos nambihan umur deu, tiba-tiba tos beuki ngolotan, tiba-tiba tos pendak deui sareng sasih Rojab, teras sasih Sya’ban teras sasih Romadhon teras lebaran deui.
Jemaah jum’at rohimakumulloh, sejatina teu aya kalimat “tiba-tiba” kana berjalan na eta waktu, kumargi perjalanan waktu tetep linier sapertos lazimna waktu nu ku Alloh di ciptakeun, kecuali eta perasaan teh timbul tina perasaan peribadi urang nyalira; kulantaran, sok mopohokeun kana eta waktu anu kacida bernilaina, atanapi perasaan urang nu kurang peduli kana sakuduna urang ngeusian berjalan na waktu ku rupi-rupi katho’atan urang ka Alloh Subhanahu wataala.
Jamaah shalat Jumat hadâkumullah
Sasih Rojab, mangrupikeun salahsawios sasih anu di istimewakeun, dina Islam rojab, kalebet “ashurul hurum” , sasih anu di hurmat/dimuliakeun, dina katerangan kitab I’anatut Tholibin, dijelaskeun; bahwa Rojab teh mangrupikeun derivasi atanapi di mustaq tina kata “tarjib” nu hartosna “ngagungkeun” atanapi “ngamuliakeun” . Masyarakat Arab zaman beheula sok ngamuliakeun kana sasih Rojab, sebagai sasih nu paling di muliakeun tibatan sasih-sasih nu sanésna. Rojab oge di sebat “Al-ashab” (الأصب) nu hartosna “ngucur” atanapi “netes” , disebatkeun “al-ashob” kumargi derasna kucuran tetesan kasaean dina iyeu sasih. Oge sok disebat “Al-Ashamm” (الأصم) hartosna torek/tuli, disebat torek, kumargi dina sasih Rojab tara kakuping gararandengna sora pasukan nu perang, margi dina rojab anu di hurmat, perang di haramkeun ka ummat terdahulu oge ka ummat Islam.
Kitu deui, Alloh subhanahu wata’ala, ngalebetkeun Rojab kana sasih harom alias sasih anu di hurmat di muliakeun, Firman Alloh;.
اِنَّ عِدَّةَ الشُّهُوْرِ عِنْدَ اللّٰهِ اثْنَا عَشَرَ شَهْرًا فِيْ كِتٰبِ اللّٰهِ يَوْمَ خَلَقَ السَّمٰوٰتِ وَالْاَرْضَ مِنْهَآ اَرْبَعَةٌ حُرُمٌ ۗ...
Saestuna itungan bulan si sisi Alloh, nyaeta 12 bulan *) (sakumaha) katetapan Alloh (di Lauh Mahfudz) , dina waktos Anjeuna nyiptakeun langit sareng bumi, di antarana aya 4 bulan anu hurum (nu di hurmat/di muliakeun) … . (QS. At-Taubah:36)
*) Allah Swt. netepkeun periode orbit bumi ngurilingan kana matahari dina salami setahun, setara sareng dua belas bulan, nyaeta dua belas kali nembongan nana bulan sabit akibat bulan ngurilingan kana bumi. Ku teraturna periode waktu nu itu lah, nu ngajadi patokan kana ayana perhitungan waktu.
Ashurul hurum nyaeta aya opat sasih mulia di luar sasih Romadhon, nyaeta: Dzul qa’dah, Dzulhijjah, Muharrom sareng Rojab. Disebat bulan harom (الأشهر الحرم) kumargi dina opat eta, ummat Islam dilarang ngayakeun peperangan.
Jamaah shalat Jumat hadâkumullah
Memang aya sababaraha keterangan nu kaluar dina hadits-hadits nu di anggap lemar/ dhoif ku ahlul hadits bahkan maudhu/ hadits palsu, nu ngajelaskeun secara eksplisit ngeunaan gambaran ageungna sareng luasna pahala tina amal-amalan nu di khususkeun dina rojab wungkul, tetapi urang tiasa nyandak katerangan-katerangan shohih nu berlaku secara umum pikeun anjuran ningkatkeun kathoatan ka Alloh SWT dina “ashurul hurum” . Conto na sapertos ibadah puasa sunnah dina sasih Rojab, dina sasih rojab puasa sunnah tiasa janten istimewa ketimbang dina sasih-saih di luar ashurul hurum biasa, kumargi dilakukeun na dina sasih anu di muliakeun ku Alloh,…
hanya saja, kanggo ukuran perhitungan besaran pahala-na urang teu kedah berpatokan kana katerangan nu di anggap lemah kantenan palsu ku ahli hadits, tetapi pahalana serahkeun ka Alloh, kumargi tugas urang salaku hamba, mung menghambakan lahir-bathin urang ka Alloh ku nu terbaik nu samampuh na urang nu teras di tingkatkeun dina setiap saat na.
Aya anjuran umum ngeunaan nyeueurkeun puasa dina sasih hurum, nyaeta hadits riwayat Abu Dawud, Ibnu Majah, dan Ahmad disebatkeun:
صُمْ مِنَ الْحُرُمِ
“mangka puasa aranjeun dina bulan hurum.” . Sedengkeun rojab kalebetkeun kana ashurul-hurum
Imam Al-Ghazali nyebatkeun dina kitab na “Ihya ulumuddin” bahwa sunnahna puasa menjadi kian bernilai upami dilakukeun dina dinten-dinten utama (ayyamul fadhilah), dimana ayyamul-fadilah eta, tiasa di pendakan dina setiap tahun, setiap bulan, oge dina setiap pekan.
Kasauran Imam Ghozali, Rojab kalebet kana “Ayyamul fadhilah” disamping Dzul hijjah, Muharrom sareng Sya’ban, kitu oge kasauran Imam, Rojab kalebet kana sasih ashurul hurum tea, di samping dzulqa’dah, dzul hijjah sareng Muharrom.
Jamaah shalat Jumat hadâkumullah
Salahsawios kaistimewaan sasih Rojab oge terletak dina ayana peristiwa ajaib; isra’ wal mi’raj Rasulullah shallallâhu ‘alaihi wasallam. Peristiwa anu terjadi dina sasih Rojab tahun 10 kenabian (620 M) . Eta mangrupikeun hiji momen perjalanan Rasulullah ti Masjidil Haram ka Masjidil Aqsha lajeng menuju ka sidratul muntaha anu ditempuh mung dina sawengi.
Tina ayana peristiwa isra’-mi’raj eta, umat Islam nampi kana parentah shalat lima waktu. Kacida agungna peristiwa eta, hingga eta peristiwa sok diperingati tiap tahun ku kaum muslimin di berbagai belahan dunia. Dina nalika bade lebet kana sasih Rojab, Rasulullah masihan contoh ka urang, pikeun nyeueurkeun ngaos:
اللَّهُمَّ بَارِكْ لَنَا فِيْ رَجَبَ وَشَعْبَانَ وَبَلِّغْنَا رَمَضَانَ
“Ya Allah, anugrahkeun keberkahan ka abdi sadaya dina sasih Rojab sareng dina sasih Sya’ban, sareng tepangkeun abdi sadaya kana sasih Ramadlan.”
Jamaah shalat Jumat hadâkumullah
Kumargi kitu, Khatib lumajak ka diri pribadi oge ka jamaah sadayana, supados urang sadayana henteu nyia-nyiakeun kana sasih nu mulia iyeu. Hayu urang sasarengan ningkatkeun kualitas diri urang, kualitas ka imanan ka-taqwaan urang ka Alloh, naha ku cara ngaraketkeun pribadi urang ka Alloh (taqarrub illalloh) ku nyeueurkeun rupi-rupi dzikrulloh di tambih ku jalan nyeueurkeun amal sholih ka sasama.
Margi urang teu acan tangtos dina tahun payun bakal tepang deui sareng sasih-saih anu mulia dina kaayaan kathoatan urang nu terpelihara, margi teu saalit jalimi di paparin kasempatan umur panjang tetapi ngan saukur jadi pribadi nu lalai, nu ngan saukur nyibukeun kahirupan na, ku urusan dunya na masing-masing.
Mugia khutbah iyeu aya manfaatna,
اللَّهُمَّ بَارِكْ لَنَا فِيْ رَجَبَ وَشَعْبَانَ وَبَلِّغْنَا رَمَضَانَ
باَرَكَ اللهُ لِيْ وَلكمْ فِي القُرْآنِ العَظِيْمِ، وَنَفَعَنِيْ وَإِيّاكُمْ بِالآياتِ والذِّكْرِ الحَكِيْمِ. إنّهُ تَعاَلَى جَوادٌ كَرِيْمٌ، مَلِكٌ بَرٌّ رَؤُوْفٌ رَحِيْمٌ.
Khutbah II
اَلْحَمْدُ للهِ عَلىَ اِحْسَانِهِ وَالشُّكْرُ لَهُ عَلىَ تَوْفِيْقِهِ وَاِمْتِنَانِهِ.
وَاَشْهَدُ اَنْ لاَ اِلَهَ اِلاَّ اللهُ وَاللهُ وَحْدَهُ لاَ شَرِيْكَ لَهُ وَاَشْهَدُ اَنَّ سَيِّدَنَا مُحَمَّدًا عَبْدُهُ وَرَسُوْلُهُ، الدَّاعِى اِلىَ رِضْوَانِهِ.
اللهُمَّ صَلِّ عَلَى سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ وَعَلَى اَلِهِ وَاَصْحَابِهِ وَسَلِّمْ تَسْلِيْمًا كِثيْرًا -- اَمَّا بَعْدُ –
فَياَ اَيُّهَا النَّاسُ؛ اِتَّقُوااللهَ فِيْمَا اَمَرَ وَانْتَهُوْا عَمَّا نَهَى،
وَاعْلَمُوْا اَنَّ اللهّ اَمَرَكُمْ بِاَمْرٍ بَدَأَ فِيْهِ بِنَفْسِهِ وَثَـنَى بِمَلآ ئِكَتِهِ بِقُدْسِهِ
وَقَالَ تَعاَلَى؛ اِنَّ اللهَ وَمَلآ ئِكَتَهُ يُصَلُّوْنَ عَلىَ النَّبِى يآ اَيُّهَا الَّذِيْنَ آمَنُوْا صَلُّوْا عَلَيْهِ وَسَلِّمُوْا تَسْلِيْمًا.
اللهُمَّ صَلِّ عَلَى سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ صَلَّى اللهُ عَلَيْهِ وَسَلِّمْ، وَعَلَى آلِ سَيِّدِناَ مُحَمَّدٍ، وَعَلَى اَنْبِيآئِكَ، وَرُسُلِكَ، وَمَلآئِكَةِ اْلمُقَرَّبِيْنَ، وَارْضَ اللّهُمَّ عَنِ اْلخُلَفَاءِ الرَّاشِدِيْنَ، اَبِى بَكْرٍ، وَعُمَرَ، وَعُثْمَانَ، وَعَلِى؛ وَعَنْ بَقِيَّةِ الصَّحَابَةِ، وَالتَّابِعِيْنَ، وَتَابِعِي التَّابِعِيْنَ لَهُمْ بِاِحْسَانٍ اِلَى يَوْمِ الدِّيْنِ، وَارْضَ عَنَّا مَعَهُمْ، بِرَحْمَتِكَ يَا اَرْحَمَ الرَّاحِمِيْنَ
---آمين يا رب العلمين ---
اَللهُمَّ اغْفِرْ لِلْمُؤْمِنِيْنَ وَاْلمُؤْمِنَاتِ، وَاْلمُسْلِمِيْنَ وَاْلمُسْلِمَاتِ اَلاَحْيآءُ مِنْهُمْ وَاْلاَمْوَاتِ
اللهُمَّ اَعِزَّ اْلاِسْلاَمَ وَاْلمُسْلِمِيْنَ، وَأَذِلَّ الشِّرْكَ وَاْلمُشْرِكِيْنَ، وَانْصُرْ عِبَادَكَ اْلمُوَحِّدِيَّةَ وَانْصُرْ مَنْ نَصَرَ الدِّيْنَ، وَاخْذُلْ مَنْ خَذَلَ اْلمُسْلِمِيْنَ، وَ دَمِّرْ اَعْدَاءَالدِّيْنِ، وَاعْلِ كَلِمَاتِكَ اِلَى يَوْمَ الدِّيْنِ.
اللهُمَّ ادْفَعْ عَنَّا اْلبَلاَءَ وَاْلوَبَاءَ وَالزَّلاَزِلَ وَاْلمِحَنَ وَسُوْءَ اْلفِتْنَةِ وَاْلمِحَنَ مَا ظَهَرَ مِنْهَا وَمَا بَطَنَ، عَنْ بَلَدِنَا اِنْدُونِيْسِيَّا خآصَّةً، وَسَائِرِ اْلبُلْدَانِ اْلمُسْلِمِيْنَ عآمَّةً يَا رَبَّ اْلعَالَمِيْنَ.
رَبَّنَا آتِناَ فِى الدُّنْيَا حَسَنَةً وَفِى اْلآخِرَةِ حَسَنَةً وَقِنَا عَذَابَ النَّارِ.
رَبَّنَا ظَلَمْنَا اَنْفُسَنَاوَاِنْ لَمْ تَغْفِرْ لَنَا وَتَرْحَمْنَا لَنَكُوْنَنَّ مِنَ اْلخَاسِرِيْنَ.
عِبَادَاللهِ ! اِنَّ اللهَ يَأْمُرُنَا بِاْلعَدْلِ وَاْلاِحْسَانِ وَإِيْتآءِ ذِى اْلقُرْبىَ وَيَنْهَى عَنِ اْلفَحْشآءِ وَاْلمُنْكَرِ وَاْلبَغْي، يَعِظُكُمْ لَعَلَّكُمْ تَذَكَّرُوْنَ وَاذْكُرُوااللهَ اْلعَظِيْمَ يَذْكُرْكُمْ، وَاشْكُرُوْهُ عَلىَ نِعَمِهِ يَزِدْكُمْ وَلَذِكْرُ اللهِ اَكْبَرْ
0 Komentar